ABONG létah taya tulangan. Teu kaur aya béja anu rada ‘ahéng’, gancang pisan nerekabna. Tina sajeungkal, sok jadi dua jeungkal, tilu jeungkal, malah teu pamohalan nepi ka sadeupa. Basa minggu kamari ogé, Néng Cici digosipken sok mandi bari nangtung. Ibur salembur, éar sadesa. Teu di mana, teu di mendi, ngan hayoh baé nyaritakeun perkara Neng Cici. Malah poé mangkukna mah, béja téh geus nambahan deui. Sajabana ti bari nangtung, Néng Cici sok bari ngaca deuih mandina téh. Teuing saha anu jadi nara sumber utamana.
“Ari manéh apal ti mana?” Neng Cici tumanya ka Si Buruy.
“Abdi mah ti Si Aték,” témbalna.
“Oh, lamun kitu mah Si Aték ulon-ulonna téh,” Néng Cici mani ngagidir, awahing ku ambek.
“Da Si Aték ogé kénging béja ti internét,”
“Kajeun Si Internét ogé, kuring mah teu sieun,”
“Da internét mah sanés sabangsaning jalmi, Téh,”
“Rék bangsa siluman, rék bangsa genderewo ogé, pasti ku kuring bakal dijorag. Cucungah pisan, maké jeung ngiburkeun perkara anu teu uni. Ceuk saha kuring sok mandi bari nangtung jeung bari ngaca?”
“Ari saleresna kumaha kitu, Téh?” teuing kalepasan, teuing kumaha Si Buruy maké jeung tumanya kitu.
“Na manéh téh, dilelepkeun ku kuring siah!” Puguh baé Néng Cici ambek kabina-bina. Lamun teu kaburu mangprét mah teuing kumaha nasib Si Buruy.
Padungdengan ngeunaan Néng Cici, beuki lila mingkin nambahan baé. Cep Adang anu geus tatahar rék ngalamar Néng Cici, antukna jadi bolay. Pangpangna mah kulawargana ngadadak teu panuju. Karunya Néng cici. Hanas geus nyipta-nyipta rék pangantenan di Situ Mundu, ahirna ukur jadi sawangan.
Tétéla geuningan ngaréka-réka tur manjangan béja téh, matak ngabarubahkeun batur. Nyilakakeun ka nu teu tuah, teu dosa. Tapi bubuhan geus jadi trend, mani taya kapokna. Buktina ti poé kamari, di Cigorowek geus aya béja anyar deui. Rada harénghéng deuih, da puguh anu digosipkeunna hiji tokoh masarakat. Cenah mah Ustad Otong rék ngajarah harta banda lamun keur mangsana paciweuh kerusuhan. Malah diimplik-implikan sagala, Ustad otong téh rék ngajarah sagala rupa anu aya patula-patalina jeung kapentingan pangwangunan.
“Nu balég manéh téh? Piraku Ustad Otong rék jadi lauk buruk milu mijah?” Ulis Kowi mah bangun cangcaya. Pangpangna apaleun pisan kana kalakuan sapopoéna Ustad Otong.
“Sing wani kabéntar gelap!” Hansip Baron ngayakinkeun.
“Apan ari ngajarah téh hiji pagawéan anu dipahing pisan ku agama?!”
“Duka teuing perkara éta mah. Nu jelas, ceuk Kulisi Ook ogé, Ustad Otong rék ngajarah…”
“Kabina-bina teuing atuh. Ari Si Kulisi, meunang béja ti saha?”
“Cenah mah Mang Amanta anu méré iberna téh,”
“Ari Mang Amanta, apal ti saha?”
“Tah, Mang Amanta mah nyahona teh ti Jang Isud,”
“Ari Jang Isud?”
“Nyao teuing, da kuring ogé can kungsi panggih, geus aya kana dua bulanna,” témbal Hansip Baron bari garo-garo teu ateul.
“Lamun kitu mah, mending urang tanyakeun baé ka jinisna, ngarah pararuguh. Ulah dapon percaya kitu baé, bisi pitenah. Lamun Ustad Otong enyaan rék ngajarah, sakalian baé kuring rék milu..”
“Sok wé ka dituh sorangan. Kuring mah moal milu, sieun kalah diambek. Basa Si Buruy konfirmasi ka Néng Cici ogé, kalah rék dibalédog ku halu,” témbalna.
“Béda deui éta mah masalahna. Jeung deui, éta mah kumaha cara nanyana. Apan aya cara-cara nanya anu hadé. Geus maca bukuna?”
“Acan,”
“Nu matak, kudu réa maca buku silaing téh. Ngarah henteu katinggaleun jaman. Hayu ah, kuring mah rék ka imahna Ustad otong.” Kituna téh Ulis Kowi bari langsung cengkat. Léos indit, muru ka imahna Ustad Otong.
Bras, Ulis Kowi ka pakarangan imah Ustad Otong. Kabeneran pisan, Ustad Otong keur meujeuhna rinéh.
“Cios ngajarah téh, Mang ustad?” Ulis Kowi langsung tumanya, kalayan henteu malapah gedang. Puguh baé Ustad Otong ngaranjug.
“Kumaha? Dédéngéan téh ngajarah?”
“Sumuhun. Upami leres mah, abdi oge sakantenan badé ngiring,”
“Na Mang Ulis téh kawas jalma lieur atuh. Piraku kuring rék ngajarah?” Ustad Otong rada muncereng.
“Aéh, punten Mang Ustad. Kuring mah ukur meunang béja ti Si Baron. Saurna Mang Ustad badé ngajarah harta banda,” témbal Ulis Kowi, rada geumpeur. Sakedapan mah Ustad Otong ngahuleng, tuluy ngusap beungeutna bari maca istighfar.
“Kuring mah teu boga niat sarupa kitu, Mang Ulis. Naudzubillahimiandailik…”
“Dupi, dupi saleresna badé ka mana atuh Mang ustad téh?” Ulis Kowi panasaran.
“Kuring mah rek zarah ka tanah Suci, manawi Gusti Alloh marengkeun. Ti baheula kuring hayang ka Mekah téh, muga baé taun ieu mah tinekanan,” témbal Ustad Otong.
“Ké, ké, naha iburna bet jadi ngajarah?”
“Duka teuing éta mah, Mang Ulis. Keun baé anu penting mah kuring teu boga niat kitu. Ceuk Ustad Otong bari imut ngagelenyu.***
Cacalawakan Sama Kang Ahmad
“Haaaaayyyy apa kabaaarrr ? Baraayaaa…”
“Alah-alah… saya mah hamdalah… anda apa kabar anda?”
“Damang sayah mah… Aya dadan?”
“Dadan mah kagak ada dalam kamar sayah.”
“Yang ada dalam kamar anda saha ? Randa yah? Wah bahaaayaa…”
“Parawan laaaah…”
“Walah, parawan mah gak gampang. Kalaw randa rada gampang…”
“Naha kagak gampang? Banyak akal dan saampar cara sayah mah,”
“Saya ada pangalaman dalam hal marawanan mah. Anda kan hanya angan-angan saja. Hahaha…wakakakak…”
“Kagak hanya angan-angan, da sayah mah laksana marawanan Yayank Ana, parawan Banjar la yaw”
“Anda handal…yah, dapat marawanan parawan banjar… mantaapp…”
“Yaaaa kagak ada halangan sanajan sayah acan ngalaman hajatan…”
“Mantap rasanya yah? Kalaw marawanan mah…”
“Nyaan da… mantap…”
“Halalna maah, anda hajatan sajah… Jangan hanya jajan. Anda dan garwa akan dapat anak kalaw hajatan mah. Walaw mahal dan palangkakan garwa anda gatal…”
“Yah, mangkanya sama garwa mah akan sayah laksanakan pada mangsa yang akan datang,”
“Sayah harap anda panjang masa…”
“Agar dapat marawanan garwa pasca hajat…”
“Ah pra hajat sajah…”
“Dalam nagara jawa barat ada hal apa yang hangat?”
“Jakarta mah caah… Kandaraan ngantay sapanjang jalan,”
“Jabar mah hanya ada arak-arakan pasangan AMAN,”
“Anda akan pasang yang mana jawaranya? Yang mantap mah pasangan Ahmad-Dadan…Atawa ADAN,”
“saya mah kagak akan ka sasaha… Wah ADAN kayanya dapat sayah dadarkan dalam pakalangan wacana…”
“Yah mantap dan pantas…”
“ADAN mah pan agar masarakat jabar SHALAT,”
“Yah yah… saya sadar akan hal yang anda katakan,”
“Waaahh, kayaknya saya akan nangkarak sajah yaah… Bantal ngadadahan…”
“Mangga mangga anda akan ngalanglang ka alam yang kagak nyata…”
“Dan baham saya cacalawakan sajah…”
“Ya sayah paham…”
“Mantapnya mah… Dalamm gaya nangkarak ada parawan ataw randa yang hangatkan sayah…”
“Hanjakal garwa tak ada dalam nagara Jakarta …”
“Alah gampang ka TAMAN LAWANG sajah, banyak yang bakal ngadadahan,”
“Ah, lawang mah banyak parawan gagah… Kalaw Mangga Badag dan Gajah Mada banyaak… Anda kan pangalaman dalam nagara jakarta ?” Ataw jangan-jangan anda gay? Apal ka taman lawang?”
“apal, sangat apal, banyak parawan yang ada papanjangnya, maksad sayah, yang ada mamasnya,”
“Wah anda apal kana mamasna parawan sagala? Bahaya anda mah. Anda pas ngalalana ka jakarta ka mana? Dalam nagara taman lawang yah?”
“Kagak, sayah mah da Jakarta Barat. Hanya saja apal ka sanah…ngan kagak ngalaman da…”
“Ah maap sayah salah sangka…”
“Ada yang maksa, malah akan bayar sayah, ngan sayahna kagak nampa ,”
“Waah… Jangan nampa … Bahaya, walaw bayaran banyak jangan harap…”
“Ya saya paham, sabab sayah mah hanya akan ngamangsa bangsa hawa sajah…”
“Yah saya paham harapan anda…”
“Sapaham sama saya, hayang ngamangsa hawa sajah…”
“Hawa mah dada dan palangkakannya hangat…:y”
“Dadah ah… Sayah akan rapatkan mata dan nangkarak,”
“Mangga mangga…”
“Ngalanglang hangatnya garwa dalam alam kagak nyata… Wassalam kang…”***
Dongeng Harengheng (Sasakala Reungit)
Néng Wiwin ogé sakedapan mah rada ngahuleng, basa nyaksian Si Buruy anu riringkid mawa bantal jeung simbut, bari ngagidig semu rurusuhan. Bubuhan Néng Wiwin mah jalma anyar, nya tangtu baé can pati apal kana kabiasaan barudak di Cigorowék. Bisa jadi, panyangkana mah rék pundung deui, alatan dicarékan ku akina. Maklum da Si Buruy mah, ampir unggal bulan, pundungna téh. Lamun lain perkara embung dicukur, paling ogé urusan jeung tatanggana, alatan nyumputkeun sendal. Matak urang Cigorowék mah da geus teu pati aranéheun deui.
Tapi ari peuting éta mah, Si Buruy lain rék pundung cara sasarina. Sanajan akina ninitah ogé, Si Buruyna tara daékeun. Pangpangna mah sieun henteu dipangmeulikeun pakéan anyar. Unggal bulan puasa ogé, mémang Si Buruy mah sok pindah saré ka tajug. Malah lain Si Buruy baé. Kaasup batur ngabluna ogé, da sarua tukang meuting di tajug.
Bras, Si Buruy ka hareupeun tajug. Di dinya geus ngadagoan barudak pantaranana aya kana sapuluh urang. Biasa baé, sabangsaning Si Aték, Si Ook, jeung sajabana. Teu pati béda jeung Si Buruy, maranéhna ogé geus tatahar bekel saré sapuratina.
“Jadi kumaha acara peuting ayeuna?” tanya Si Aték, bari menerkeun kopéahna anu rada déngdék.
“Béjana mah, di imah Mang Sarkowi aya dulurna ti kota,” témbal Si Buruy.
“Urang mana?”
“Béjana mah ti Cianjur.”
“Cianjurna di mana?”
“Ciranjang.”
“Wawuh ka Nénéng Rostika?”
“Nyao. Na jeung nanya ka uing atuh. Tanyakeun baé ka jinisna,”
“Aéh heueuh. Aya ku poho,”
“Geulis, teu?”
“Dalapan koma tujuhpuluh tilu.”
“Oh, saluhureun Néng Wida, sahandapeun Néng Lina,” Si Ook mairan.
“Geus gandéng atuh! Kawas urusan matematika baé. Sok di beulah mana éta téh saréna?”
“Moal salah, pasti di kamar tengah. Da kamar tukang mah, apan sok dipaké gudang paré.”
Mémang barudak téh keur meujeuhna badeur. Sakapeung mah sok matak ngajangarkeun kolot. Heureuyna ogé sok kamalinaan. Éta baé, boga pangarasep kana noong ogé, apan geus adat kakurung ku iga. Leuheung basa, lamun tara bari ngaruksak. Da ieu mah, apan bilik imah Aki Jamhuri ogé, nepi ka barolong, balas ditarojosan ku paku. Kungsi éta ogé Si Aték neunggar cadas. Basa hiji mangsa keur noong budakna Mang Suhadma. Teu kanyahoan mimitina, Mang Suhadma geus aya di tukangeunana, bari mawa haseupan. Teu antaparah deui, haseupan téh dirungkupkeun kana sirah Si Aték, nepi ka tosblong. Puguh baé Si Aték reuwas kabina-bina. Beretek lumpat tipararétot. Mangkaning haseupan téh, hésé pisan diudarna.
Dina Bulan Puasa taun ieu mah, acara Si Buruy anu kaitung ngetrend kénéh teh, nyaéta abring-abringan dina wanci saur, bari nakolan sabangsaning kaléng butut. Malah sakali mangsa mah, nepi ka bedug masigit ogé apan diparanggul. Leuheung basa, lamun diteundeun deui kana urutna. Da ieu mah sangeunahna pisan atuh. Clé di mana karep. Puguh baé, basa Ustad Otong rék nakol bedug subuh, kacida medenghelna barang ningali bedug geus teu nyampak di tempatna. Mangkaning di Cigorowék mah apan can aya spéker. Geus ilahar, wanci subuh téh tandana ku nakol bedug. Ustad Otong kutuk gendeng, bari kukurilingan néangan bedug. Kapanggih-panggih téh, ngajugrug di sisi balong anu Mang Lurah, pipireun pisan kamar Néng Lina.
Sapeuting harita mah, Si Buruy saparakanca, teu bisa ‘raraméan’ cara sasari. Sajabana ti kaayaan hujan, katambah geus disetrap, tur meunang peringatan ti Mang Lurah. Lamun sakali-kali deui nyieun masalah sarupa kitu, mangka moal dibéré kolek cau, sésa ‘konsumsi’ anu tarawéh. Antukna ngan ukur ngawangkong, bari ngararasakeun panon anu geus hayang liliaran.
“Aya ku loba-loba teuing reungit, euy. Mani napuk kieu,” ceuk Si Aték, bari gogoléhéan kana rékal. Kituna téh leungeunna mani pahibut, ngeprakan reungit.
“Étah, ulah dipaéhan. Reungit téh leluhur urang kénéh,” ceuk Si Buruy.
“Na kabina-bina teuing, ari ngomong téh.” Si Aték nyéréngéh.
“Itu geura. Marukana ngawadul. Uing mah nyaan, ceuk Bah Anés. Sing Wani kabéntar gelap tah,”
“Kumaha sih caritana?”
“Kieu…” derekdek baé Si Buruy nyaritakeun dongéng perkara reungit, anu kungsi didongéngkeun ku Bah Anés sawatara waktu kaliwat. Kieu cenah mah:
Jaman baheula téh, antara reungit jeung jalma, aya patula-patalina. Hanjakal pisan, kaayaan waruga anu kalintang bédana. Ari reungit mah awakna gedé, tapi teu bogaeun jangjang. Ari jalma mah, awakna leutik (sagedé reungit jaman ayeuna) tapi boga jangjang.
Dina hiji poé, basa jalma keur gegeleberan luhureun kulambu, reungit pangangguran ngajakan ngawangkong.
“Jal, sigana lamun uing bisa hiber, aya bahan rada ngeunaheun nya. Bisa nginjeum jangjang, teu?” ceuk reungit, bari cengkat. Kop kana sendal, tuluy leumpang, muru ka palebah jalma anu keur euntreup.
“Ah, embung. Ké uing moal bisa hiber atuh,” témbal jalma.
“Kajeun atuh, da moal lila ieuh,” Reungit satengah maksa.
“Sok atuh, asal uing nginjeum awak silaing. Uing ogé hayang ngasaan boga awak gedé.” pokna. Meunang sakedapan mah, reungit ngahuleng. Tapi lila-lila mah unggut-nggutan bari nyéh baé seuri.
“Sok atuh, tapi omat, ulah kabur,”
“Rék kabur kumaha? Apan awak gedé mah, babari néanganna ogé. Mun sotéh uing, tinggal hiber baé rék niat kabur mah,”
“Aéh, enya nya.” Reungit nyatujuan. Satuluyna mah, tukeuran wéh. Awak reungit dibikeun ka jalma. Jangjang jalma dibikeu ka reungit.
Nya ti harita pisan, kaayaan waruga reungit jadi leutik téh. Tapi ku lantaran jalma ngarasa ngaunah mibanda awak badag. Antukna teu daekeun ditukeuran deui. Kungsi sakadang reungit nyusulan jalma ka Babakan Sophia. Tapi béjana mah, jalma téh kalah nyumput dina jero lomari. Malah nepi ka ayeuna, jalma kalah nyiar tarékah, sangkan henteu diontrog ku reungit. Pon kitu deui, nepi ka kiwari, reungit taya kabosen néangan jalma. Tapi jalma siga anu api-api torék. Najan reungit ngagorowok kana liang ceuli ogé, angger baé teu didéngé. Malah sok kalah dipaéhan.
“Ké, ké, ké…asa teu pati nyambung carita téh. Euweuh ti dituna, bangsa manusa kudu urusan jeung reungit mah…” Si Ook ngahuleng.
“Geus, teu kudu dipikiran. Pilakadar ogé dongéng Bah Anés gedebul. Dipercaya teuing atuh,”
“Jadi, pangna reungit sok nyoco téh, sigana mah alatan awakna teu dibikeun deui, nya?”
“Enya bener. Tapi ari perkara reungit anu sok rajeun nyerot getih mah, aya alésan khusus atuh,”
“Naon tah?”
“Apan aya kénéh, sésa pasifatan jalma anu ngancik dina reungit,”
“Na ari jalma, baheulana sok resep nyerot getih jalma kitu? Aéh, getih reungit?
“Bandungan baé jalma jaman ayeuna…” kituna téh bari menerkeun bantalna. Ukur sakédét nétra, geus kadéngé sora kérékna.
Leng, Si Aték ngahuleng, bangun anu jangar naker tayohna téh.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar